Teater Terminal: Masa Remaja Hampir Terbawa Islam Jamaah, Cimahi



by Pipiet Senja on Wednesday, May 11, 2011 at 3:15pm




Mun teu salah mah taun 76-an. Mas Agung, pupuhu Karang Taruna Erwe Dua Margaluyu sakali mangsa ngahaja nepungan ka imah. Harita kuring geus mitembeyan kurung-karang. Ngan karek wani ngirimkeun ka koran-koran lokal jeung radio swasta.

Samemehna kuring tara pipilueun aktip jeung barudak Karang Taruna teh. Atuda kacirina asa daregig, arogan, abong-abong barudak nyakola, mahasiswa wungkul pangurusna.
“Kata Arnie, Mbak Tikeu suka menulis puisi dan cerpen di koran, ya?”
“Yaah, baru satu-dua saja kok, Mas.”
“Hebat atuh, Mbak… Tolong, ya Mbak, bikinkan naskah drama buat anak-anak. Rencananya kita mau pentas setelah Lebaran nanti. Bisa?”

“Temana ulah ditangtukeun, nya, kumaha abdi we,” ceuk kuring nawar.
“Yaaa… tapi apan dalam rangka Halal bi Halal tea atuh, Mbak,” ngomongna osok campur aduk tur lentongna Jawa lekoh keneh. Bubuhan pituin urang Solo.
“Okelah, naha geus aya pamaeanna kitu?”
“Kita-kita sajalah, Mbak…”

Manehna nyebutkeun sababaraha ngaran anggota aktip Karang Taruna.
“Mas, ajakan geura barudak preman anu osok marabok di Tagog. Sugan arinsapeun ari diarahkeun kana kasenian mah,” ceuk kuring, tadina mah ukur babalagonjangan.

Ari pek teh bener we, teu kungsi lila barudak rumaja anu nyakola, mahasiswa daraekeun ngahiji jeung barudak preman, baladna Si Apep. Bubuhan Mas Agung mah geus lila icikibung dina organisasi pamuda jeung kampusna, perceka negosiasina. Ongkoh putrana Mayor, sarieuneun sugan para preman Tagog teh ka Mas Agung mah!

Der weh latihan teater, harita mah tacan boga ngaran. Basa geus remen pentas ku kuring dingaranan weh Teater Terminal. Wadah sarana barudak rumaja ti golongan naon bae ngahiji, tepung lawung tur “karya, bakti jeung harti” .
Naskahna beunang nyieun kuring sorangan. Malam Takbiran di Alam Kubur, eusining caritana mungguh saderhana. Dina peuting takbiran arwah-arwah careurik pedah kudu baralik deui ka jero kubur. Aya arwah koruptor, rentenir, saudagar, haji, hostes, bencong, pramugari…

Kabehanana mudalkeun sagala unek-unek, pangalaman mangsa keur kumelendang keneh di alam pawenangan. Aya oge tokoh Malaikat anu bakal nyeredan para arwah mulang  ka alam kubur. Kuring nambahan ku lulucon, sindiran sosial tur… joged dangdut campur rock!

Latihanana osok di kantor Erwe da kawilang lalega. Kitu we sanggeus sarolat taraweh, kira-kira sajam-jameun. Sakapeung ari malem Minggu mah tara tarawehanana, langsung latihan nepi ka jam sapuluhan. Samporet waktuna ngan bisa latihan salila bulan puasa. Kitu oge henteu bisa unggal peuting, osok aya bae barudak anu mangkir alatan itu-ieu.

“Isukan mah latihanana urang make kosteum,” ceuk kuring salaku sutradara ngarangkep nyieun naskah, sakapeung kapaksa jadi sponsor ari barudak harayangeun jajan. Kalah udulan sagalana weh tamah aktip dina teater!
“Naha isukan, Teh?” ceuk Ucu Nurhafsah.

“Apan lima poe deui Lebaran. Minangka latihan pamungkas kitulah. Manggungna saminggu sabada Lebaran, lin?”
“Gladiresik apa gladikotor ceritanya nih?” teuing saha anu nyelengkeung.
“Musikna kumaha, Mas Tukul? Geus beres milu ngarekam ka Unasco teh?” cekeng teh. Henteu ngarespon anu haben cecelengkeungan.

Musikna dihijikeun dina kaset sababaraha lagu; sora-sora anu pikasieuneun, anjing babaung awor jeung sora iblis ti dasar naraka… Eeh, meureunan ketah, da tacan kungsi pirajeunan nganjang ka dasar naraka barina oge!
“Beres, Mbak, kemarin malam kami sampai begadang di sana,” ceuk Mas Agung mangnembalankeun musisi kajajaden, Mas Tukul, anu ngarangkep jadi bencong.
***

Isukna bada magrib barudak geus ngalaliud di hareupeun kantor Erwe. Geus menta idin ti Kang Oo Sumantri, Erwena harita. Kapireng barudak sarumanget naker latihanana. Der marake kosteum. Uwa Haji diperankeun ku Kang Deddy. Rentenir ku Agus. Sang Koruptor ku Kang Didi. Saudagar ku Kang Entis. Pramugari ku Ucu Nurhafsah, tos maot deuih kiwari mah. Hostesna ku Arnie. Bencongna ku Mas Tukul. Malaikatna mah ku Mas Agung.

Ditambahan ku sababaraha pamaen piguranana nyaeta barudak preman, pamabokan manten tea. Aya salosinan mah, sawareh purah ngagogotong layon anu rek dikurebkeun ka pajaratan. Sawareh deui purah careurik bari marake baju jeung tiung sing sarwa hideung. Aya anu nananggeuy parukuyan bau menyan. Aya anu dibaguded teregos nyeta-nyeta jundullah, prajurit Palestina. Aya oge anu lolong-lolongan, dibebeyeng ku bencong kawas anu rek ngamen.

Tamah Si Uja Surija kalah mamanggul pacul, make dudukuy, nyoren bedog. Dibarengan ku kabogohna Si Titi Suriti anu ngagegendol oorokan heg dikana bobokokeun geura… lieur pan? Laah, henteu kageureuh-geureuh deui, paduli pruuung weh!

Wuaah, enyaan we ku karek latihanana oge geus matak pikasieuneun, pikaseurieun tur pikareheeun deuih! Eta da baladna Si Apep aya anu minculak. Nginum pel nahaon mah samemeh der latihan teh. Kareungeu we leumpangna dadaligdeugan, haben noelan imbit budak awewe hareupeunana. Puguh budak awewe teh jejeretean, kacoow. Dasaaar!

Jalma anu ngalalajoan mani ronghok tina jandela. Ngahaja ditutup pageuh, sangkan henteu ngaganggu anu keur latihan.
Geus kitu mah, haaaauuung, haaaauung, waaauw, waaaauw…. Haaauung, haauung, waaauw, waaauuw…
Anjing babaung, sora cihcir, gagak awor jeung angin, hujan, dordar gelap. Jerit pikasieuneun, sesegrokna sora iblis ti dasar naraka tea jeung sora nahaon mah… kateuing momonesna Mas Agung jeung Mas Tukul!

Bring Si Ato sabalad-balad ngagogotong layon Si Apep, da ngan manehna anu daekeun jadi mayitna oge basa acara casting. Anu lianna mah kalah pating puringkak, ngabaralieus, sieun kateuhak ku mayit enyaan magarkeun teh. Ngahaja diasupkeun kana keranda… laah, naon nya ngaranna paragi ngagotong mayit, pamirsa?

“Innalillahi wa inna ilaihi rojiiiuuun… Telah berpulang ke rahmatullah Sodarah Apep bin Surepep dalam keadaan tenang,” ngong tina sepiker sora sutradara ieu mah.
”Sekarang, mari kita menguburkannya juga dalam keadaan tenang!” Tuluy ditimpah ku tarjamahan ayat-ayat Al-Quran ngeunaan maot, takdir, poho deui  nyutat tina surah naon mah…

Rengse dikurebkeun, enya bobohongan kitulah, ditumbu ku pakupekna anu ngawurkeun kembang tujuh rupa. Pating alingsreukna anu careurik jeung lalehoan. Geus kitu mah ditaringgalkeun weh… Ganti adegan!

Tujuh lengkah ditinggalkeun ku anu takziah, belegedeg Malaikat rek nakon. Henteu bisa ngajawab sagala pananyana, jelebeeeet, jelebeeet weh Si Apep beak digegendir ku buntelan koran beunang ngagulung-gulung… Cikikik Si Apep kalah nyikikik. Magarkeun teh da getek meneran urut eksim dina tonggongna!

“Sing bener latihanana atuh, Apep Surepep!” kuring rada keuheul, puguh keur panteng-pantengna  ngimeutan kalawan daria.
“Laaah, serieus-serieus teuing atuh, Teteh,” nembalan bari babalicetan ngagiwarkeun gegendir Malaikat.

Henteu nenjoeun aya oorokan Titi anu murag, kosewad manehna meh ngajuralit. Hadena kaburu ngarawel papan bor, tapi teu burung nonggeeeng… weh sakedapan mah. Jabaning ngan mamake urut karung tarigu minangka boboehanana.

Geeer, ti luar anu lalajo ear kaleprok jeung nyaleungseurikeun!
Si Apep asa kapuji der weh mijah. Puguh Malaikat mingkin wera, jelebeeet, jelebeeet deuih tonggong Si Apep dihanca.
“Meugeus, euy! Gantian, giliran uing liiin?”
“Heueuh, ulah mijah sosoranganan siah!”
“Setooop! Setooop!”

Teu make kutkut-katkat lah, barieukeun. Iiih, sigana lamun henteu gancang dihuit mah duka rek ka mana tah lalakon!
“Meunang bae impropisasi ngan ulah kaleuleuwihi,” ceuk kuring basa lekasan latihan pamungkas.
“Jeung deui ulah loba ngaheureuykeun Malaikat, siah, Apep! Bisi kateuhak keh!” Kang Entis nyegag.
“Ngaheureuyan Titi mah meunang, nya?” Si Apep gumasep.
“Pek we mun hayang digablogan ku Si Uja mah…”   

Manggung anu munggaran di pakarangan kantor Desa Cimahi Tengah. Henteu pati sugema ari margana kabagean kapeutingnakeun, anu lalajona kari saeutik. Malah lolobana mah anu daragang wungkul. Cindekna kaceehkeun ku dangdutan, jaipongan, tatarian katut kasenian lianna ti erte sejen.

Ongkoh sarupaning drama, teater harita mah tacan ngamasarakat. Barudak teu wudu pating kulutus, hareneg ku kakuciwa. Sahenteuna beunang hese cape karasana taya respon panongton saeutik-eutik acan. Biheung taya anu ngalalajoanan iwal ti babaturan sorangan.

“Sabar, tenang, tenang sajalah, adik-adik, Mbak-Mbak!” Mas Agung ngabeberah barudak. “Jangan lupa, kita masih punya kesempatan manggung di Erwe kita sendiri. Bulan depan kan kita mau merayakan tujuhbelas Agustusan!”
“Eueuh, enya nyaaaa!” raong barudak dibarung sarumanget deui.

Asana ngan latihan sakali deui ngahangkeutkeun pagelaran di kandang sorangan teh. Dina emprona kapireng barudak mungguh sarumanget, malah asa kaheaban euphoria tea, kaleuleuwihi. Sakuduna mah kabagean manggung pandeuri, tapi geuwat dihendel ku Mas Agung, bubuhan ngarangkep pupuhu panitiana. Jleeg, pas meneran keur sumedeng loba anu lalajo wanci tabuh sapuluhan. Diprotes ku barudak orkes dangdutan oge, cuuuek bebek weh!

“Bae lah, meungpeung keur kumawasa jadi panitia. Kumaha aing we naha!” ceuk Si Emas bari ngeheheh.
“Hooor, ongkoh hayang idealismeu… ari si Emas?!”

Sorangan salian tukang harewos teh ngarangkep nyekel musik mantuan Si Uja. Atuda Mas Tukul horeameun ari kudu ngarangkep bari bebencongan mah. Ari Si Uja apan tukang tahu, henteu ngarti kana musik iwal ti dangdutan.
Caritana deeer weh… haaauuung waaauw waaaauw!
Haaauuuung waaauw waauuw! Kiiikikikik, hihihihii…!

Sora kuntilanak awor jeung sora anjing babaung, sora-sora iblis ti dasar naraka tea. Ditumbu ku barudak anu ngagogotong tambela, eeeh, keranda, eeh naon teh, heueuh pasaran kitu lah. Katimu oge geuning, hehe…
“Emaaaa, sieueueun!”

Barudak pating jarerit, pating karoceak murangkelan ka indung-bapana. Roob weh jelema-jelema anu noyek di lapang mengbal teh, ngarangseg ka hareup, harayang leuwih teges ngalalajoan teater. Cenah mah kakara harita aya pagelaran teater di wewengkon Margaluyu.

Hate ngarasa reugreug mireng respon alus kitu mah. Atuh di panggung barudak mungguh sarumanget tur daria ngalakonkeun peran-peranna. Geus puguh pamaen intina mah saregep, lalancar ngaromongna. Atuh eta we Si Apep sabaladna pira piguranana oge kapireng mungguh… kacooow pisan!

Dipirucaan ku Si Apep anu kaluar tina pakem skenario, deeer weh barudak kalah kabawakeun. Marijah, ngabalodor liwat saking!
“Maenya aya mayit hirup deuiii! Hahahaha…”
“Heueuh, urang menta nomer euy! Menta nomer, euy, sabaraha Apeep?”
“Etah Malaikat maenya daek disogoook ku kulub huiii? Huaaahaaa…”
“Uwa Hajiii, ulah rerentetan bae jeung Neng Hostes, pamalii, huahaha…”
“Rentenir, ari tadi babatakan… Pahili lentongna jeung Si A Siong, sodagar hayam, hihihi…”

Kuring anu asalna mah teu merean, barang ngareungeu anu lalajo pating arakey, pating jarerit, kaleprok, milu ajrag-ajragan sagala… Hmm, nya mangsa bodo teuing atuh lah, kumaha maranehna we!

Caritana sukses weh. Enya, sukses numutkeun takaran sakuringeun kitu. Pamaen bisa interaksi sacara mulus jeung anu lalajona, sukses pan?

“Sae, saelah, Neng Tikeu!” saur Pa Uun Wijaya, inohong budayawan ngajak sasalaman basa geus ngariung di bumina Pa Erwe.”Kedah diarahkeun teras barudak teh sangkan langkung kreatip…”
“Nuhun, Pa Uun, nyungkeun piduana we,” cekeng teh bungangang.

Kang Oo Erwe jeung Kang Yudi Lurah oge ngawilujengkeun. Ti harita kuring, cenah mah, kaasup weh kana barisan  ”inohong” seni jeung budaya di Cimahi Tengah.

Nya ti harita Teater Terminal, kitu dingarananana, mulai makalangan ka ditu ka dieu. Mimindengna mah diulem ku paguyuban pamuda sabangsana; KNPI, AMS. Kungsi ketah diulem ku barudak tarbiyah Imron tea geuning, komunitas Islam garis keras anu heboh ngajelegurkeun hiji Polsek.

Hadena we kuring saparakanca henteu kungsi kabaud ku maranehna. Sigana mah henteu mempan bubuhan loba teuing anu ngabarojegna tibatan anu ngajina. Heuheuy deuh! 
***

2 Komentar

  1. kulo mboten ngertos Maniniiiiiii :((

    BalasHapus
  2. Kisah ieu asa ngemutan abi bunda, duka lereus duka sanes kisah ieu asa nya kisah nyata kitu? Abi istrina kang Entis ti pojok Cimahi, namung tos bade 3 th caroge abi ngantunkeun.

    BalasHapus

Posting Komentar

Post a Comment

Lebih baru Lebih lama