Mangsa Budak
Basa
beus anu ditumpakan ku kuring nyemprung muru kota Sumedang, duka kumaha da eta
mah hate ngadadak rus-ras, bruh-breh sagala panineungan mangsa budak.
Pasulabreng dina uteuk lir gambar-gambar beunang rekaan sutradara dina film atawa sinetron…
“Isukan
urang ngalongok Emah di Cimahi, nya Tikeu,” saur Apa hiji poe barang datang ka
bumina Nini di pengkolan Regol, Sumedang.”Miangna kudu pasusubuh sangkan henteu
kapanasan di jalanna…”
Kituna
teh bari sok mikeun kueh onde-onde Bandung anu sagede-gede bal tenis tea.
Beunang ngahaja meuli ti langganan oleh-oleh ti Emih, cenah. Emih teh Embuna
Apa.
Leuh,
kuring mani jigrah, bungah naker. Sidik geus sababaraha poe teu manggihan
kadaharan anu ngareunah. Ninina tacan nampa pangsiunan, da biasana oge ari keur
nyekel duit mah Nini tara teuing ngoretkeun. Osok sagala disadiakeun rupa-rupa
kadaharan. Ongkoh Nini kawilang resep katuangan anu raraos. Sakapeung mah
dibelaan anjuk-hutang tateh.
“Karek
oge jol atuh, Cep,” tempas Nini anu nuju calik dina amben bari ngabulaeh
nyeupah.”Kumaha kitu ayeuna kaayaan Nok Alit teh, Cep?” Nini mah da menak, ari
nyarios tara kendat ku tata-titi sakumaha ilaharna teureuh menak.
“Manawi
Embu, henteu patos sae puguh ge,” kapireng Apa ngadadak ngaheruk. Liren
ngudul-ngudulkeun eusi ranselna. Pameunteuna anu biasana kereng perbawaning
tantara tea, katingal bangun ngemu kabingung tur kahariwang.”Saur dokter mah darah
tinggi…”
“Naon
kitu anu karasana ku Nok Alit ayeuna teh, Cep?”
“Muhun
sapertos kamarina we, Embu, nyeri sirah bae…. Eeh, candakan geura sadayana ka
dapur, Ai. Pasihkeun ka Bi Eha, nya!” cenah ka Teh Ai anu ti tatadi ngajeten
gigireun Nini ngadedengekeun anu gunem catur. Teh Ai dulur sabrayna anu geus
dirorok ti umur bubulanan ku Emah sareng Apa.
Teh
Ai sakedapan mah kalah neuteup pameunteu Apa.”Kenging Ai ngiring ka Cimahi?
Hoyong ngalongok Emah,” pokna bari bangun luwa-lewe. Umurna beda opat taunan jeung
kuring, pangawakanana oge bongsor.
“Kenging wae ngan henteu bisa ayeuna. Apan Ai mah keur sakola. Jabaning sakeudeung deui ulangan umum, lin?” Harita Teh Ai geus kelas opat SD, baheula mah SR keneh ketang, di SR 1 Sukaraja.
“Geuning Tikeu henteu kudu sakola?” cenah protes.
“Tikeu mah karek Taman Kanak-kanak,
teu nanaon merekeun maneh ge.”
“Enya, engke we Ai mah lamun geus pere. Dibarengan ku Nini, nya!” saur Nini enggal ngabebenjokeun Ai
Kuring anu harita karek taman kanak-kanak tiba manghandeueulkeun. Pasti resep ari nyaba aya batur ulin mah. Kacipta, meureun bisa silih gonjak, galecok ngobrol, heg tutunjuk itu-ieu anu katempo sajeroning dina beus. Ngabebenjokeun kabosen, jabaning kuring mah osok mabok ari nyanyabaan jauh teh.
”Cig pasihkeun ka Bi Eha oleh-oleh Bandung teh,” saur Apa deui.
Teh Ai henteu bisa manggapulia, bari ngangkut karanjang pinuh ku sayuran seger sarupaning wortel, kembang engkol jeung onde-onde ngareretan heula ka palebah kuring. Kacirina bangun baketat-baketut. Sorangan mah jongjon we ngahekak onde-onde, bari nuluykeun ngadedengekeun anu gunem catur.
“Cobaan atuh ka nu bisa, Cep, bisi we ieu mah alatan wisaya deungeun,” saur Nini deui.”Biheung aya anu sirik ka Encep, tapi keunana kalah ka Nok Alit… Encep onaman loba elmuna!
Basa geus rada gede kuring karek ngarti, kunaon Apa mindeng disarebut loba elmuna ku wargi-wargi Nini. Ilaharna tantara atawa prajurit Sliwangi dina pajamanan riceuw ku gorombolan DI, cenah mah osok ngarelmu kasakten ka para Kyai atawa guru kadugalan.
Cenah mah deuih, Apa oge da boga elmu kadugalan. Buktina kungsi dikadek ku bedog Mang Umar… hiih, da henteu teurak! Ceuk ujaring carita ketah, da sorangan mah tacan kungsi nalingakeun Apa dina kaayaan kitu. Teu wararasa teuing barina ge kudu nyaksian nu jadi bapa dikadekan batur!
***
Posting Komentar