Basa Ngagade Si Denok



Pipiet Senja 

Anno, 2000

Kaluar ti kamar mandi sabada rengse nyeuseuhan, panon ngulincer ka patengahan. Culang-cileung, culang-cileung…. Ih, badis weh pancalongok! Naha geus arindit kabeh kitu batur saimah teh?

Salaki, Si Cikal jeung Si Butet maksud teh. Ketang budak mah tadi oge basa nyeuseuhan keneh, geus nyalampeurkeun amitan, nyium leungeun cara sasari.

Si Cikal kituna teh bari menta embohan bekel, dadakuna mah rek kuliah nepi ka peuting. Kudu meuli buku deuih, ngan bisa dijangjian saheulaanan mah.

Si Butet oge pipilueun, mesen sapatu olah raga ngaganti sapatu anu geus calangap, cenah. Sarua nasibna jeung lanceukna, padu dijangjian heula, bubuhan keur kosong pisan. Salaki ieu mah, puguh osok tara kanyahoan ari miang ti imah teh. Padahal naon susahna ngagorowok amitan, rek ka kantor kituh.

Borolampar cara batur, mangsa salaki rek miang ka kantor teh geuning, heg dianteurkeun ku pamajikananana, dipangmawakeun tasna. Celengok-celengok pipi kenca pipi katuhu, ehmm… Geugeut naker, abong dina sinetron nya!

Saruwung, bener geus taya sasaha deui iwal sorangan we di imah teh. Ret kana jam nu ngadaplok dina tembok patengahan. Tabuh satengah dalapan, gerentes hate. Sakedapan panon ngimeutan jam dinding. Alus keneh geuning jam dinding kado kawinan 20 taun katukang teh. Kumaha lamun jam ieu we atuh gadekeuneun teh? Iih, matak gujrud saimah-imah, matak kanyahoan ku sarerea.

Ulah, ah, urang neangan barang lianna we, gerentes hate deui. Kabutuh asa mingkin murudul, pangpangna keur meulian buku barudak. Geuning SMP oge buku teh mani kudu meuli sapaketeun, ngaratus rewu.

Komo Si Cikal anu karek samester lima, ongkosna oge sapuluh rebu sapoe da didugdag ti Depok ka Bogor. Kuliahna ti mimiti tabuh dalapan, diselang reureuh tengah poe, tuluy ditumbu deui nepi ka tabuh lima sore.

Tacan keur waragad ditransfusi anu maneuh sabulan sakali. Beu! Moal kauntup ku gajih pagawe nagri, sanajan katambahan ku honorarieum kuring sabage pangarang oge. Ah, angger we hirup teh kurat-karet!

Geus aya saminggu teu sapeser goweng duit dina leungeun. Balanja sapopoe lahlahan nganjuk ka warung Si Bude. Hadena bageur tah urang Kaler teh. Engke mun geus boga duitna rek buru-buru dilunasan.

Enya, saha jelemana barina oge anu hayang boga hutang, lin? Sidikan kapaksa we ieu oge, kapaksa ku butuh, sok sanajan beungeut mah teuing kudu dikamanakeun?!

Gidig ka kamar, panon langsung nojo kana meja gawe. Geus make komputer ayeuna mah nulis teh. Sanajan komputer urut, ngan hiji giga atuh memorina oge seken ti batur si Cikal. Ketang pirang-pirang muji sukur sakitu oge, dipangmeulikeun ku Si Cikal tina beasiswana.

Heuy deuh, beasiswa anu sakuduna mah dipake meuli kabutuhan kuliahna. Kanyaah budak ka nu jadi indung, ehmm, katampa pisan, Kasep. Ret ka handapeun meja, breh weh si Denok!

“Deudeuh teuing Denok… enya, maneh we atuh!” bari dongko leungeun langsung ngenyang si Denok. ”Wayahna, nya Geulis, Denok… ku Amih rek dititipkeun heula ka pagadean!”

Salaksa nostalgia anu kungsi kaalaman jeung si Denok puluhan taun, kapaksa kudu dipupus tina hate. Kadedetkeun ku sagala pangabutuh anu mingkin merejel mo bisa dibebenjokeun deui.

Nyimpang heula ka warung Si Bude.”Tah koran teh, Bude, lumayan tangka ngahunyud kitu geuning…. Batan dihakanan beurit mending kana cabekeun we lah,” cekeng ka nu boga warung tamba kaeraan. Hadena keur suwung.

“Inggiiih, Buuu…” cenah sopan naker, kituna teh bari kuruwal-kuriwel mangmungkuskeun sambeleun jeung piangeuneun haseum.

Laukna mah pindang sabanjar, bae rek didencis angkanan teh mun balik ti Pagadean. Atuh aya duitna mah sabatae engke rek ditambahan.

Basa cunduk ka pagadean kasampak jalma geus ngalaliud. Atuh barang-barang anu rek digadekeun oge mani ngahunyud hareupeun panto, pageuh keneh dikonci da tacan manjing waktuna.

Ti mimiti barang-barang elektronik sarupaning televisi, video, magicjar, mixer tug nepi ka samping, sepre.

Tuh, geus gurudag deui wae anu daratang teh. Aya anu ngabengkot manggul nahaon mah, aya oge anu ngelek buntelan sigana mah samping-samping jeung bahan.

Saurang mah teu kira-kira bari ngaderek mobil sedan.

“Kabanjiran puguh ge. Tibatan ruksak kakeueum ku cai nya mending diderek ka dieu, gadekeun we lah!” ceuk ibu-ibu sapantaran kuring.

Papakeanana jauh tina alus, teu kaciri jelema jegud. Tiba make daster lalayu sekar dirangkep weh ku sweater, disendal jepit. Taya anu nanya oge ujug-ujug ngabuih weh, nyaritakeun pangalamanana tilu poe kaliwat.

Imahna di wewengkon paimahan real-estate.

Tabuh dua peuting ujug-ujug datang banjir bandang. Henteu bisa ngarawel nanaon iwal ti baju anu ngarangkep awakna wungkul.

Barudakna lima geus galede oge paburencay, saurang mah karek kanyahoan aya di Bogor, cenah. Kitu deui salaki jeung mitohana, karek kamari bisa ngariung mungpulung.

“Kakara ayeuna da ngalaman banjir tarik model kieu mah…”

“Cai kiriman ti Bogor, cenah nya?”

“Wuaah, ieu mah tangtu alatan masarakat urang mumul ngaberesihan got-got. Heg mingkin loba anu caricing di sisi walungan, der nyarieunan imah, puguh ngahalangan jalanna cai…”

“Jadi weh banjir, nyah?”

“Heueuh rahayat anu kabanjiran, para gegeden weh sibuk silih salahkeun. Ceuk Gubernur, teu bisa nyalahkan dirina. Da ngarasa geus mindeng ngingetan masarakat sangkan ngajaga kabersihan lingkungan.” Etah naon curhat atawa orasi?

“Tapi ceuk massa anu dihucuhkeun ku LSM, sidikanan tateh salah Gubernur. Sangeunahna merean proyek-proyek paimahan real-estate, ngabetonan lahan kosong. Jabaning pajak mah pajak haben digugujreg, tapi taya ngabukti pikeun kapentingan rahayat leutik!” kacirina mah aktivis lingkungan, boa mahasiswa ketang.

“Kalah ka diseminarkeun geuning, nyah? Tempatna oge di hotel-hotel bintang lima. Ironis pisan hirup teh!”

“Bener musibah teh kalah ka diadurenyomkeun, dimangpaatkeun ku para elit pulitik mah…” Asa mingkin loba anu mere komentar. Si Ibu Korban Banjir, urang sebut kitu we, kapireng beungeutna ceudeum. Parias deuih, sigana teh poho nginum-nginum acan.

“Tos kenging bantuan naon bae atuh ti Pemkot?” cekeng teh milu mangkarunyakeun.

Heuy deuh, asa tibalik nya dunya? Lin sorangan oge sidikanan jalma sangsara. Naha make mangkarunyakeun jelema anu hirupna di paimahan real-estate? Tuh tenjo, masing kabanjiran oge sidikanan manehna mah rek ngagadekeun sedan, deuleu!

Haar, nya bae naha, da rasa karunya mah teu ngabibisani. Moal bisa disieuh-sieuh, sanajan masakat oge.

Angger we kuring ngarasa karunya ka Si Ibu Korban Banjir. Hak azasi manusa siah tamah! Etah dina hate ku naon bet baraceo sorangan, henteu kitu mimiti setres mah ieu teh?

“Wuaaah, boroning bantuan, bantuan! Tacan aya anu ngelol-ngecol acan puguh ge. Sidikanan ieu teh keur manghariwangkeun Si Embak deuih, Ibu. Rencang di bumi. Tacan kapanggih tug nepikeun ka kiwari. Ka mana nya maneh teh Embak? Ehm, karunya teuing…. Mangkaning rencanana teh bulan hareup manehna rek dikawinkeun ku kolotna di Sragen…”

Ngaheruk mingkin ceudeum, mingkin baringung. Brek weh manehna diuk nyanghunjar lambar dina ubin anu tacan dipel. Sigana lat weh poho kana sedanna anu ngajugrug di tempat parkir, duka ka mendi mobil derekna mah.

Ana keur kitu kasawang tukangeun kaca saurang patugas ngaringkang rek muka panto asup. Jelema-jelema ngarangsek ka hareupeunnana.

Barang dibuka pantona burudul weh teu sirikna pasurung-surung, silih sedek, silih dorong, hayang paheula-heula asup. Padahal mah matak naon asup tartib, nya? Ketang da sorangan oge merekedeweng, hayang buru-buru beres urusan!

“Aduuuh iyeueung…. Jeung nincak deuih! Kelanan atuh ieu uing teh nini-niniii!” saurang nini-nini bari ngabengkot buntelan samping ngagerewek, pas pisan gigireun kuring.

Teu wudu ticeuli mani asa racleng!

“Heueuh, ceuk saha budak ABG barina oge, Iniiin?” teuing saha anu ngomentaran.

Bet kateuteuari, nya? Jelema-jelema retop kana formulir. Si Nini noel kana pigeulang.”Neng, punten pangnyeratkeun formulir Ema. Buta hurup puguh Ema mah…”

Muji ku kajujuranana. Da di lingkungan kuring mah loba ibu-ibu sapantaran, osok laloba ceta, ieu nyeri panon, kudu dikacamata, poho teu mawa kacamatana, cenah.

Lamun kabeneran kudu ngeusian formulir teh. Padahal mah sidikanan baruta hurup.

“Mangga,” cekeng teh bet ngadadak inget ka nu jadi indung di Cimahi.

Meureun kawas kitu we lamun Emah… Bit ketang, da Emah mah anti guda-gade. Barina oge pangsiunan cukup, wesel osok ngaburudul ti pala putrana iwal ti kuring meureun.

Keur nanahaon make lunta-lanto ka kantor Pagadean sagala. Hmm, Emah, mugia sing panjang yuswa sangkan abdi aya keneh kasempetan keur nyenangkeun manah Emah, gerentes hate.

Rengse mikeun formulir, sakalian jeung anu Si Nini, gek dariuk dina bangku anu ngajajar apik di rohang tunggu. Engke digeroan rek ditaksir barang gadeanana.

Panon jeung ceuli mah langsung we dipasang, ngulincer ngimeutan kaayaan sabudeureun. Kabiasaan atawa insting pangarang meureun. Jalma anu rek ngagaradekeun poe ieu asa mingkin noyek. Formulirna tangka ngahunyud numpuk hareupeun patugas. 

Eta ku anehna teh, naha ngan saurang atuh anu ngalayananana?

Maksud teh anu ngalayanan formulir permintaan, heg diasupkeun heula datana diketik kana komputer, kakara kaluar tina printer kuno anu disadana… gruuuek, gruuuek, gruuueeeek, cenah lir sora nu bengek kabanjiran!

Ketang aya oge patugas anu naksir barang, ngan nyetalah asa ku leleda naker. Jabaning loba lunggak-linggekna, gumeulis masing enya oge cureuleuk angger we matak… ngaruy neuleuna. 

Digawe mah digawe we atuh nya, montong ngalayanan si Um anu ngagonjak sagala. Rehe lah!

Si Nini ujug-ujug nyaritakeun kasusahna.”Boga asuheun tiluan, incu awewe wungkul. Indungna nekad jadi TKW di Saudi Arab geus lima taun.

Unggal tilu bulan oge osok getol ngiriman…. Ngan beak-beak bae digasab ku salakina, kalah der teh kawin deui tamah si… Boneng!”

Carita klasik kulawedet kaum TKW. Awewe cape gawe tihothat nyiar kipayah di nagri deungeun, ari salaki di Indonesia raos-raos we… kiwiiiin deui.

“Dadakuna teu kuat cenah ari kudu sare sorangan bae, ongkoh lalaki mah apan wenang rek boga pamajikan nepikeun ka opat oge….Heuy, opat-opat tipedut lah! Sidikanan hiji oge geuning kalah dikusrukkeun sina nyiar kipayah di Arab!”

“Dasar lalaki, nya Ema, geus nalurina poligamis,” hiji ibu-ibu ngengklokan.

“Tos terangeun henteu anu di Arabna, Ema?” cekeng nalengteng.

“Puguh we terangeun mah, matakan tara ngiriman deui wesel ayeuna mah…”

“Haar karah kitu? Naon cenah alesanana, Ema?”

“Rek disimpen we di Bank, cenah, ke bawaeun jaga mun mulang…” Si Nini bari nyusutan kesang anu renung dina tarangna.

”Ngan Ema ayeuna teh jadi kudu tihothat deui, incu-incu geus galede mingkin rarewog dahar jeung olok sagala kabutuhanana. Ema ngeureuyeuh ngurilingan pakampungan dagang getuk lindri. Tah, ayeuna butuh keur modal… diarinjeuman bae duitna ku barudak tuda!”

“Komo abdi mah ieu teh keur nebus orok ti Rumah Sakit Bersalin. Minantu lalaki urang sebrang, taya gadag luntang-lantung…. Jadi katempuhan bulu maung weh ari geus kieu. Padahal kurang kumaha baheula ngingetan Si Tikeu, montong kawin ka urang sebrang, montong! Hiih, teu digugu da awahing ku cinta, cinta tea…. Huuuh, hakan tah cinta!” kituna teh mani nyuriwiding-nyuriwiding we biwirna anu kedeplik.

Ret panon kana geulangna, beu, tangka ngoroncong kitu minuhan pigeulang duanana. Bu Geulang Koroncong we tamah pantesna oge. Tangtu jalma beunghar. Bet teu iklas sangkilang rek melaan anak incu, getih sorangan?!

“Ibu Aliiiit!” si Cureuleuk ngagerewek cempreng.

“Yaaa!” cekeng haget ngorejat, rurusuhan nyampeurkeun.

“Naha nya Si Ibu eta heula? Asa tadi mah heulaan di dieu!” ceuk Bu Geulang Koroncong, juba-jebi, dulak-delek. Bae lah, montong didenge teuing.

Srog ka hareupeun loket Si Cureuleuk.”Mesin ketik, nya ieu teh?” cenah tarareugeug.

Sidik heueuh mesin ketik, naha make disebutkeun deui?

“Muhun…,” biwir tiba engab. Beungeut asa ngadadak paranas. Eta atuda bubuden jeung kekecapanana mani langsung bae nonjok angen.

Gupraaak, gupraaak, cenah ngagubrag-gubrag Si Denok.

“Euweuh merekan geuning, geus butut, kuno pisan deuih…”

“Tiasa keneh dianggo, Neng,” cekeng teh mangkarunyakeun Si Denok, mani dilelece naker. 

Ari ras kana pagaweanana, loyalitasna ka kuring salila puluhan taun, seredeeet! 

Hate meuni nyereset peurih. Laah, lamun teu inget jangji ka barudak, pangpangna ka Si Butet.

Kudu meuli sapatu olah raga tea, da mani asa hayang sebrut weh ka jero, ngarawu Si Denok, dibawa balik deui!

“Hayang sabaraha?” pokna deui angger tareugeug, neuteup seukeut ayeuna mah.

Lir anu hayang ngimeutan, kira-kira saha jelema anu kolu ngagadekeun mesin ketik kuno?

“Duka atuh eta tiasa sabaraha kinten-kintenna?”

“Limapuluh rebu, daek henteu?”

“Euh, naha teu tiasa ditambihan kitu?”

Pangmurahna oge sapatu budak teh salawe rebu. Kitu oge di emper toko.

“Limapuluh rebu, daek sakitu heug… henteu mah kajeun!

Tibatan balik kosong, keun urang balangsiar deui kakuranganana mah, biwir tungtungna hideng ngaenyakeun.

“Di loket tungtung bikeun keretas ieu, nya, tuuuh…. Ngantri we di ditu!”

Eta babasaan jeung bubuden, ehmm.

Sigana teh nyangka naon mah ka kuring. Peresis ka babu atawa tukang jajaluk sisi jalan. Abong ngan make baju gamis belel, jilbab kaos oge sarua belelna.

Behna mah penampilan teh mungguhing penting nandakeun prestise, martabat jelema.

Pangpangna pikeun Si Cureuleuk. 

Rada lila oge ngantri di loket panampaan duit.

Pipikiran asa geus teu jejeg deui. Omongan-omongan ti sisi ti gigir oge kadengena teh ngan saliwat-saliwat.

Beuteung pupurilitan menta dieusi. Sidik ti kamari sore ngan kararaban citeh, citeh jeung citeh wungkul. Henteu tega rek nyoceng kadaharan dina handapeun tetenong teh.

Karunya, keur salaki jeung barudak wungkul. Geuning etah salaki mah kacirina teh kumetap keneh.

“Bu Aliiit…. Limapuluh rebu, nya!” ceuk patugas anu merean duit, hiji awewe ngora kacirina mah someah.

“Aya lima ratus rupiah, Bu?”

“Eeuh, ieu aya…”

Keur waragad pemeliharaan barang gadean, cenah. Duit lima ratus perak logam hiji-hijina teh buru-buru dipasrahkeun ka manehna.

“Ngagadekeun nahaon… ngan sakitu?” teuing saha anu ngomentaran.

Sorangan buru-buru kaluar tina antrian. Sirah asa mingkin lungleng, bener kudu gancang dieusian heula.

Sugan dibere nginum citeh amis di warung hareup tah, gerentes hate. Leumpang asa ngagaleong basa muru panto kaluar. Blus weh ka warteg. Na ana keur kitu teh… Breeeg, jelema-jelema ti mana mah ujug-ujug ngambreg ka tempat parkir.

Ngariung sedan anu tadi diderek ku titahan Si Ibu Korban Banjir. Teuing ka mana ayeuna jelemana mah, teu kaciri irung-irungna acan.

“Bener ieu sedanna! Mana ayeuna jelemana, manaaa?” ceuk saurang lalaki perenges, dijaket kulit hideung.

“Teu gableg cedo, nya… Make ngaku-ngaku boga sedan sagala. Sidikanan manehna teh rencang…” Baturna sarua lalaki dedeg, nempas bari jalang-jeleng.

“Muhun, da abdi anu gaduhna mah…” ceuk saurang awewe geulis kira-kira umur 30-an.”Leres ieu sedanna, ieu pisan… Bapa Pulisi!”

Surupuuuut, surupuuut citeh amis haneut ngaliwatan genggerong, parat tuluy ngabanjur peujit. Teu kudu pipilueun urusan batur. Kangaranan kota metropolitan. Motto hirup kudu elu-elu gue-gue. Ku sabab mun teu kitu… A’u, ah, elap!


Catatan Narudin Pituin 

Carpon Pipiet Senja Dưa salevel sareng carpon Anton Chekhov di Rusia. Karakter tokoh-tokohna kuat. 

Alurna lurus, nanging aya jeda-jeda kanggo ngemutan bumbu kahirupan supados asak. 

Sanes bae konflik lahir, konflik batin ti awal carpon tos kuat, nyaeta Bu Alit. 

Secara sosiologis, kelas atas sareng kelas bawah digambarkeun ku Pipiet kacida saena ku kalimat dialog langsung sareng kalimat teu langsung (narasi). 

Aya nilai-nilai moral anu sae di  carpon-carpon Pipiet sabage penulis moralis. Wilujeng, Bu Pipiet Senja!

0 Komentar

Posting Komentar

Post a Comment (0)

Lebih baru Lebih lama